Lirik Pupuh Kukupu - HIBER DEUI KUKUPU HIBER TEU NANGAN


 

Hiber deui kukupu hiber teu nangan

Mawa béja haréwos béja ti taman

Hiber deui kukupu hiber teu nangan

Mawa béja haréwos béja ti taman

Beulah batu palias lain wiwitan

Boga deui sembaheun di pawenangan

Lain éta kukupu ti kahiyangan

Boga deui sembaheun ukur impian


Hayang leumpang ka jalan nu can kasorang

Cenah nanjak tarahal ceuk nu popoyan

Geuning bulan sumiratna béngras pisan

Dina balong ngalangkang lir ngagupayan

Rék ngajugjug ka leuwi nu panghieumna

Hayang nyaho jerona haté manusa

Rék neuleuman mun bisa rék ditulungan

Kajeun jungkrang,

mun beunang rék dipuntangan


Hiber deui kukupu hiber teu nangan

Mawa béja haréwos béja ti taman

Hiber deui kukupu hiber teu nangan

Mawa béja haréwos béja ti taman

Beulah batu palias lain wiwitan

Boga deui sembaheun di pawenangan

Lain éta kukupu ti kahiyangan

Boga deui sembaheun ukur impian


Hayang leumpang ka jalan nu can kasorang

Cenah nanjak tarahal ceuk nu popoyan

Geuning bulan sumiratna béngras pisan

Dina balong ngalangkang lir ngagupayan

Rék ngajugjug ka leuwi nu panghieumna

Hayang nyaho jerona haté manusa

Rék neuleuman mun bisa rék ditulungan

Kajeun jungkrang,

mun beunang rék dipuntangan

0 Comments

Post a Comment

Post a Comment (0)

Previous Post Next Post
DoodStream - Upload videos share & make money